Sajarah Nu Moal Pahili
Mun enya umaku jalu
Jalu turunan panjalu
sing lepus ka umbul2
Umbul2na luluhur
Kiwari diaku batur
Umaku tikaruhuna
NGUKUNG TI LANGIT KAPITU
MEUNANG NGALAT TI SAWARGA
DIBELAAN GOROH BOHONG
SAJARAH DIACAK2
Majar aya langit Tujuh
Langit mah sepi sisina
kurung2 awang2
Taya pangparatanana
SURGA TUJUH JEUNG NARAKA
"Dina alam Pamujaan"
Kiwari ngajadi bukti
Umbul batur disumputkeun
Kawalat rundayanana
Gorgar parasea rongkah
Rebut umur belaan pati
Titis nabi heunteu rapih
Ulama pakia-kia
Kyai parebut rizki pakiri-kiri
Umbul2na pan-Jalu-
Hurung nantung-siang leumpang
Sumirat sa-Cakra Wala;-
-4jJ1->Umbul pratandaning JALU
Tanda Ksa Trya Prasetya_
disimpay Kalih Musada
(arohman arohim)->Welas Asih
Panulu JALU->PAN-JALU-
Kapingkalih 4jJ1
Ngawung2 ngawang2
Kadia dadali putih
Milari Jatining diri
Ngalang'lang ka 'alam padang'
alam padang poe panjang
Padang taya nu ngakalang
Panjang tanpa pangparatan
Tan purwalautan wekasan
Hoe wal akhiru Hoe wal akhiru
abstrak carek nu palinter
alam wenang Ka-langgeungan
Langgeung ayana- ayana Langgeung
Langgeung sakur nu digelar
Paeh soteh pindah tempat
atawana minda rupa
suluk agung Caturangga moyang kula
Ngalayang di Cakra-Wala
Nyandak si Gayung Karancang
Dieusi Rachman jeung Rachim
Di awurkeun di Sawerkeun
Di jagat Kamanusaan
Lain beja lain cenah
Da bukti tepi kiwari
Aya Cis nu Nabi Musa
Pedang Dzul faqor ti arab
Baju Kere raja Persia
Kaprabon Raja Hindustan
Khan chana anu raja Mongol
Eta tanda BUKTI BAKTI_______
disimpeun di Bumi alit
Dibuang di "KEBON ALAS"
Pratanda ULAH DI PUJA
sabab araning gagaman
Tebih ti Rachman jeung Rachim
tebih tina Welas asih
Lain wibawa Ksatria
saturunan PAN-JALU____puunn!!!
cag..!!
_Raden Galeuh Subaya Sundha_
hih hi.._
hajiiighh cuape ngutik Uyzz...
nu maca kade hilap
shodaqohna ka kaula nyaaah...
eusian tah kenclengna..gkgkgkggk!!!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar